Jumat, 26 November 2010

pantun sunda

aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya



aya jalma teu boga banda
sadayana tos dipasihkeun
angklung teh ti tatar sunda
naha urang bet mopohokeun



ulin ka laut banda
naha jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
kuring nyaah kana basa



di kebon sato aya panda
panda ngahakan kangkung
budayakeun budaya sunda
bilih lapur kawas angklung



kamari ulin ka samarinda
trus nyimpang ka bima
kuring mah da urang sunda
nyebat ka indung teh emak


diluhur aya bandera
bandera gambar panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda


poe salasa tumpak kuda
kuda paninggalan walanda
urang mah urang sunda
atuh pake basa sunda



kangkung diasakan ku randa
ngeunah pisan rasana
angklung teh asli ti sunda
kuring nu bogana



aya pawang buhaya
pawangna ulin ka persia
kudu nyaah kana budaya
bisi dicolong ku malaysia



hayang ulin ka gunung gede
di gunung aya buhaya
urang sunda sing harade
sing nyaah kana budaya



ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana basa



aya jalma teu boga alis
sabab getol dikerokna
neng geulis tong gumeulis
sabab rujit nenjona



baju teh apan disewakeun
disewakeun ku indung sia
basa sunda sok atuh gunakeun
saeuncan diaku ku malaysia




aya huma dekeut situ
eta huma nu bogana randa
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda

1 komentar:

  1. wah.....
    senengnya punya fans fanatik...
    terima kasih sudah mengagumi pantun bikinan saya dengan memposting ulang...

    jangan lupa tuliskan "by etikush"
    :)

    BalasHapus